Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong.
Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh
tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun
goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila
balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya
haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna
dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen
gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki
ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber
kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak.
Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero
pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .
Barang jol oray
sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca
nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat
kadieu?”
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!
Rincian Dongeng:
- Judulna : Gagak Jadi Hideung
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca
- Watek palakuna :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
- Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari
jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos
sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung
gawe.
Sumber: Dongeng Basa Sunda
Tidak ada komentar:
Posting Komentar